Wednesday, January 25, 2012

Non Fiksi

0 comments
test
Read more...

Nini Malarat Jeung Deleg Kasaatan

0 comments
Jaman baheula aya nini-nini malarat teu kinten-kinten, papakéanana geus butut sarta laip, disampingna ogé, ngan ukur bisa nutupan orat. Kitu deui dahar leueutna salawasna ngan sapoé sakali baé, malah-malah sakapeung mah datang ka potpisan sapoé dua poé henteu manggih-manggih sangu, ngan ukur nginum cai wungkul. Ari buburuh dederep henteu kaduga jeung geus henteu laku, wantu-wantu enggeus kolot kurang tanagana. Jadi kahirupanana taya deui ngan tina ngaroroték baé dina tegal-tegal atawa kebon awi, ari beubeunanganana dipaké nukeuran béas atawa cangkaruk ka tatanggana.

Pandéning imahna ngan sempil baé, ditangkodkeun kana pongpok imah baturna, kitu ogé hateupna bilikna geus balocor, wantu-wantu henteu aya pisan, anu daék nulung mangngoméankeun, ku tina henteu boga sanak baraya, sumawona anak incu, éstuning nunggul pinang.

Ari éta nini-nini téh sakitu nya kokolotanana henteu pisan nyaho ka gusti Alah, ulahbon ngalampahkeun téa kana paréntahna, jenenganana ogé henteu apal, pangrasana ieu bumi jeung langit téh jadi sorangan baé, euweuh anu midamel.

Dina hiji mangsa éta nini-nini geus dua poé henteu manggih-manggih dadaharan, sosoroh nukeuran sangu ka tatanggana taya nu méré.

Ti dinya manéhna tuluy ngajentul di imahna bari humandeuar pokna, “Aduh, cilaka teuing diri aing ieu, nya ayeuna paéh langlayeuseun téh”.

Sanggeus ngomong kitu téh, tulcel, boga niat rék ngaroroték deui ka tegal, bari sugan manggih dangdaunan atawa bongborosan nu ngeunah dihakan, keur tamba ulah langlayeuseun teuing. Geus kitu bral leumpang ngajugjug ka tegal kaso urut nyundutan, anu deukeut kana talaga, sarta di sabeulahna deui nyandingkeun walungan gedé. Barang datang ka dinya, éta nini-nini téh manggih lauk deleg pirang-pirang, rék pindah tina walungan kana talaga. Sanggeus nepi kana tengah-tengah éta tegal kabeurangan, panon poé geus kacida teuing panasna, jadi deleg kabéh awakna taluhur kukumurna, ku tina seuseut datang ka henteu bisa maju leumpangna. Kusabab éta deleg kabéh pada nyandang susah tanwandé manggih bilahi paéh kasaatan.

Di dinya éta nini-nini téh bungah kacida, pikirna geus tangtu manggih untung meunang lauk pirang-pirang boga keur nukeuran sangu. Tapi manéhna héran neuleu aya hiji deleg, anu panggedéna ti sakabéh baturna, jeung deui leumpangna ogé pangheulana, kawas-kawas nu jadi ratuna sarta bisaeun ngomong, pokna, “Samiun Alah kuring neda hujan! Samiun Alah kuring neda hujan!” Kitu baé omongna bari tatanggahan ka luhur. Ari ku nini-nini téh didéngékeun baé saomong-omongna éta deleg téh, hayang nyaho kumaha kajadianana. Barang geus kira-kira satengah jam lilana datang hujan gedé naker wani cileungcangan, ti dinya éta deleg barisaeun deui leumpang tuluy kebat lumakuna, ari nini-nini téh datang ka ngadégdég awakna tina bawaning tiris kahujanan sarta léngoh balikna teu barang bawa.

Kacaritakeun éta nininini téh sanggeus datang ka imahna tuluy mikir bari ngomong di jero haténa, “Ih boa lamun aing ogé neda widi ka nu ngaran Alah téh, meureun di paparin, ari piomongeunana mah nya cara deleg téa baé, ngan bédana aing mah rék neda uwang.

Ti dinya éta nininini ség baé tapakur di imahna, bari ngomong tatanggahan ka luhur nurutan sakumaha kalakuan deleg téa. “Samiun Alah kuring neda uwang! Samiun Alah kuring neda uwang!” Kitu baé omongna teu eureun jeung pikirna anték kacida panedana ka gusti Alah, datang ka geus teu aya pikiran deui ka nu séjén.

Ari jalma anu imahna di tangkodan ku imah nininini téh, banget ngéwaeunana, ku sabab gandéng jeung bosen, saunggal poé unggal peuting ngadéngékeun omongna éta nininini, ngan kitu baé, taya pisan répéhna. Tuluy baé nyentak ka nininini téh pokna, “Nini! Répéh aing gandéng, ngan kitu baé euweuh deui kasab, moal enya Alah téh sumping ka dieu, seba duit ka manéh; jeung kitu baé mah anggur ngala suluh, ngala daun ka leuweung meureun aya hasilna; jeung deui; lamun manéh henteu beunang di carék, geura undur baé imah manéh ulah ditangkodkeun ka imah aing.

Panyentakna éta nu boga imah ku nininini henteu digugu, tonggoy baé ngomong nyuhunkeun duit ka Alah anggur beuki tambah maksudna.

Bareng geus nepi ka lima poéna, anu boga imah téh, beuki kacida garétékeunana, henteu beunang dicarék, sarta dititah undur henteu los. Ti dinya éta jalma tuluy nyokot karung goni beunang ngeusian ku beling, datang ka pinuh sarta dipékprékan, supaya jejel ambih beurat, niatna rék dipaké ngabobodo ka nini-nini téa, sina di nyanaan duit paparin Alah ragrag ti luhur, jeung sugan nyeurieun ditinggang tonggongna, ku éta karung ambih kapok moal ngomong kitu-kitu deui.

Kira-kira geus wanci sareupna ku éta jalma karung téh dibawa naék ka para, tuluy diponcorkeun tina sipandak ditindihkeun ka handap mener kana tonggongna nininini téh kalengger tina bawaning nyeri. Ana geus inget, nénjo aya karung ngadungkuk kacida atoheunnana, panyanana nya éta karung duit, paparin ti Alah.

Anu boga imah téh suka seuri nénjo kalakuan nini dug-dug deg-deg, semu banget atohna. Geus kataksir piengkéeunana bakal meunang éra kabobodo, karana nu dikarungan téh tétéla pisan yén beling.

Geus kitu karung téh disembah ku nini-nini téh bari ngomong kieu, “Nuhun Alah! Nuhun! Naha loba-loba teuing maparin duit téh, mana ari keur ajengan, aya kénéh nun?” Ti dinya tuluy geuwat dibuka. Geus kitu kersana nu agung, dumadakan éta beling kabéh jadi duit, aya uwang emas aya uwang pérak, jeung deui kumaha gedéna baé aya nu jadi ringgit, aya nu jadi ukon.

Ari isukna tatangga kabéh daratang ngadegdeg, yén éta nini-nini meunang bagja boga duit pirang-pirang, asal tina dibobodo, malah kapala distrik sumping ka dinya ngalayad, sarta tuluy dilaporkeun ka nagara jeung ditétélakeun asal purwana. Ari timbalan ti nagara, éta nini-nini henteu kaidinan cicing di kampung, bisi aya nu nganiaya dipaling duitna, jeung diurus dipangmeulikeun lembur imah, katut eusina. Ti wates harita éta nini-nini téh jadi sugih teu kinten-kinten.

Kitu deui dipikanyaah ku menak-menak tina saregep kumawulana jeung tambah alus budina, kalulutan ku jalma réa sobatna, tina suka tulung ka jalma-jalma nu miskin, sumawonna ka nu keur kasusahan, margi ngaraskeun kadirina basa keur malarat kénéh.

Kacaritakeun éta jalma, anu méré karung beling téa, kabitaeun naker neuleu éta nini-nini téa jadi beunghar, lantaran dibobodo karung beling ku manéhna. Geus kitu boga niat hayang nurutan.

Ti dinya tuluy nganjang, sejana rék badami, supaya dibales ku éta nini-nini téa sina nindih ku karung beling ka manéhna, pokna, “Nini saterangna éta duit téh asalna beling beunang kula ngarungan, dipaké ngabobodo ka sampéan, kusabab satadina kaula giruk ngadéngékeun ajengan ngomong baé nyuhunkeun duit ka Alah, tatapi ahir-ahir éta beling dumadakan wet jadi duit kabéh. Ku prakara éta ayeuna kaula rék neda dibales ku sampéan, hayang ditinggang ku karung beling, karana tanwandé jadi duit ogé cara nu geus kalampahan, tatapi kaula mah hayang ditinggang ku dua karung, nu galedé, ambeuh kaula leuwih beunghar manan nini. Wangsul nini téh, “Hadé heug baé geura tapakur, cara kaula baréto”. Ti dinya éta jalma téh tuluy balik, sadatang ka imahna heug baé tapakur nurutan sakumaha polahna nini-nini téa sarta ngomong, pokna, “Samiun Alah kuring neda uwang! Samiun Alah kuring neda uwang!” Kitu baé omongna jeung pikirna ujub kacida nangtukeun yén bakal meunang duit ti Alah dua karung goni parinuh. Bareng geus nepi ka lima poéna, nini-nini téh tuluy ka imahna éta jalma nu keur tapakur téa, bari mawa dua karung beling beunang méprékan, sarta tuluy dibawa naék nka para, ti dinya heug éta dua karunganana ditindihkeun kana tonggongna.

Barang blug ninggang, sek baé kapaéhan malah-malah tulang tonggongna datang kapotong.

Arina inget ngageuwat ménta parukuyan ka pamajikanana, heug karung téh dikukusan, ari mentas dikukusan tuluy disembah, bari ngomong nurutan cara omong nini-nini téa, pokna, “Nuhun Alah! Nuhun! Naha maparin duit réa-réa teuing, mana ari keur ajengan? Aya deui?”

Barang geus tamat ngomong karungna dibuka, béh beling kénéh baé henteu daékeun jadi duit, ti dinya kacida hanjakaleunana datang ka ngalembah rék ceurik tina bawaning aral, ség baé bijil omongna suaban ngahina ka gusti Alah pokna, “Ih naha Alah téh wét pilih kasih, dipangnyieunkeun duit sawaréh? Ari kaula henteu? Jeung deui: kumaha naha atawa Alah téh geus diganti deui tayohna, da nu baréto mah bisa nyieun duit ku beling, ari Alah nu jeneng ayeuna tayoh-tayoh henteu bisaeun?

Ti wates harita éta jalma gering heubeul pisan nyeri cangkéng, tatamba kapirang-pirang dukun. Tina aya kénéh berkah Alah bisa cageur ogé, tatapi tanpadaksa, jadi bongkok tonggongna, datang ka henteu kuat nyiar kahirupan rosa-rosa, lawas-lawas manéhna jadi malarat cara nininini téa, kawas-kawas jadi tépa malaratna éta nini ka éta jalma téa.

[1] Nyutat ti Majalah Walanda, TIJDSCHRIFT voor INDISCHE TAAL, LAND EN VOLKENKUNDE, wedalan taun 1872. Dongeng Sunda Buhun ieu dikukumpul ku J.A. UILKENS, mangrupa carita ra’yat urang Ciamis.
Read more...

AFRIYANI BUNGKAM SAAT DITANYA PENYESALANNYA MENABRAK PEJALAN KAKI

0 comments
Tersangka kasus kecelakaan Xenia yang menewaskan 9 orang, Afriyani Susanti, menjalani pemeriksaan di Direktorat Narkoba Polda Metro Jaya sejak Rabu sore. Pemeriksaan baru selesai sekitar pukul 20.50 WIB. Afriyani digiring keluar ruangan penyidik oleh dua anggota polisi untuk dimasukkan kembali ke sel tahanan.

Mengetahui ada sejumlah wartawan yang menantinya, Afriyani menutupi wajahnya dengan kerudung putih bermotif bunga. Afriyani tidak menjawab saat ditanya oleh wartawan. Bahkan, Afriyani tidak mengungkapkan penyesalannya atau pun meminta maaf ketika wartawan mendesaknya. Tidak ada sepatah kata pun yang terucap, Afriyani bungkam saat itu.

Sementara itu, Kasubdit Laka Lantas Polda Metro Jaya Kompol Miyanto yang sempat bertemu dengan Afriyani di ruang pemeriksaan penyidik mengatakan, Afriyani mencoba menenangkan batinnya dengan berdoa. "Tadi saya lihat dia sedang ngaji," ujar Miyanto. (KF-Vey/18/Detik)
Read more...

Urang Ciumpleng Can Nganjrek Di Lokasi Translok

0 comments
CISITU – Sanajan geus meunang bagean imah ti Kementerian Sosial Republik Indonesia, tapi urang Dusun Ciumpleng,Desa Cinangsi, Kecamatan Cisitu, Kabupaten Sumedang, masih keneh acan nyicingan imah anu diwangun ku TNI Kodim 0610 Sumedang.

Padahal serah terima 503 imah teh geus dilaksanakeun 04 Januari 2012 katukang, malahanmah anu gunting pitana harita, Danrem 062 Taruma Negara Kapt. Inf. Asrobudi, teu ngan saukur mere konci imah ka wawakil warga Ciumpleng, Asrobudi oge, melak sababaraha tangkal ti 3500 tangkal nu baris dipelak di eta lokasi.

"Tilu bulan deui TNI baris ngarosis pepelakan nu dipelak ayeuna," kitu omongan Asrobudi waktu harita.

Sababaraha jalma anu ditepungan ku Warta Sunda ngebrehkeun alesan kunaon nepi ka ayeuna can keneh pindah, ceuk Muna Sukarna,53, warga nu baheulana nganjrek di RT01 RW04, Dusun Ciumpleng, Desa Cinangsi tur ayeuna ngabogaan imah di Komplek Babakan Kodim Blok A007, nandeskeun alesanna, yen manehna can pindah kulantaran fasilitas umum tacan aya saperti listrik jeung cai bersih.

"Pami tos aya listrik jeung cai bersih, abdi sakulawargi tangtu pindah, malah nu lian oge pasti alesana bakal kitu," pokna teh.

Alesan sejena, yen imah anu diwangun ku TNI teh masih keneh aya retakan saperti nu dialaman ku imah milik Eman jeung Endang di Blok A008 jeung A009. Salian ti eta, jauhna budak pikeun sakola, jadi alesan para ibu rumah tangga pikeun netep keneh di Ciumpleng.

"Abdimah karunya ka barudak pami sakola, margi tebih," saur Elis,31, ka Warta Sunda.

Kuwu Cinangsi, Amat Suparmat, dikonfirmasi ku wartawan, ngabenerkeun yen salila ieu aya sabagian wargana anu can pindah ka lokasi translok, alesan nu dumasar yen lokasi eta can aya sarana pendidikan.(fitriyani)
Read more...

TEST

0 comments
“Musim nijih kieu asa pararusing rék jualan téh, teu kaop rek indit hujan téh geus ngagebret deui,” ceuk mang Diki ka pamajikanana bari neuteup kosong roda es anu ngajugrug sisi imah.
“Manehna!, tidak kreatif pisan, tidak suka menonton tayangan tivi, makanyah manehna seperti kodok dalam tempurung,” walon ceu Isah pamajikan Diki nu kadua.
“Har kalah ngacaprak kamana mendi, didinya ogé ngan lalajo sinetron wungkul, kami deuleu nu lieurnamah, jangar nyaho” pokna deui.
“Yeuh kang, ayeuna téh apanan DPR réa keur pengadaan barang dan jasa, kumaha lamun akang kaditu jualan di kantor DPR”
“Ah, siamah rék ngusrukeun kami, maenya kami kudu dagang cendol ka DPR, apanan basa kami nyékér kaditu teu meunang asup ku Saptam,” pokna.
“Tong éléh géléng atuh kang négosiasi jeung Banggar, béré pi 10 persen, bérés!,” pokna sangeunahna.
“Bérés kumaha atuh bati kami euweuh dibikeun pake pi-mah,”
“Na, belegug-belegug teuing atuh ari salaki kami téh, nya hargana di mark-up apanan udah biasa hal yang begitumah sekarang kang,”
“Jadi déwék kudu ngajual cendol sabekong saratus rebu, bener ogé, sinarieun otak pamajikan téh éncér, isukan kami indit, ménta ongkosna wé nya,”
“Duit timana ari akang apanan kami mah, boga duit paméré tididinya,”
“Jadi kumaha atuh déwék ayeuna?!”
“Nya jung geura dagang, batina paké ongkos, gitu aja kok répot,”
“Ari manéh apanan hujan!”
“Emang gue pikirin,” bari léos ka dapur.
Read more...

Labels

 
Warta Sunda © 2011 DheTemplate.com & Main Blogger. Supported by Makeityourring Diamond Engagement Rings

You can add link or short description here