Wednesday, January 25, 2012

Urang Ciumpleng Can Nganjrek Di Lokasi Translok

0 comments
CISITU – Sanajan geus meunang bagean imah ti Kementerian Sosial Republik Indonesia, tapi urang Dusun Ciumpleng,Desa Cinangsi, Kecamatan Cisitu, Kabupaten Sumedang, masih keneh acan nyicingan imah anu diwangun ku TNI Kodim 0610 Sumedang.

Padahal serah terima 503 imah teh geus dilaksanakeun 04 Januari 2012 katukang, malahanmah anu gunting pitana harita, Danrem 062 Taruma Negara Kapt. Inf. Asrobudi, teu ngan saukur mere konci imah ka wawakil warga Ciumpleng, Asrobudi oge, melak sababaraha tangkal ti 3500 tangkal nu baris dipelak di eta lokasi.

"Tilu bulan deui TNI baris ngarosis pepelakan nu dipelak ayeuna," kitu omongan Asrobudi waktu harita.

Sababaraha jalma anu ditepungan ku Warta Sunda ngebrehkeun alesan kunaon nepi ka ayeuna can keneh pindah, ceuk Muna Sukarna,53, warga nu baheulana nganjrek di RT01 RW04, Dusun Ciumpleng, Desa Cinangsi tur ayeuna ngabogaan imah di Komplek Babakan Kodim Blok A007, nandeskeun alesanna, yen manehna can pindah kulantaran fasilitas umum tacan aya saperti listrik jeung cai bersih.

"Pami tos aya listrik jeung cai bersih, abdi sakulawargi tangtu pindah, malah nu lian oge pasti alesana bakal kitu," pokna teh.

Alesan sejena, yen imah anu diwangun ku TNI teh masih keneh aya retakan saperti nu dialaman ku imah milik Eman jeung Endang di Blok A008 jeung A009. Salian ti eta, jauhna budak pikeun sakola, jadi alesan para ibu rumah tangga pikeun netep keneh di Ciumpleng.

"Abdimah karunya ka barudak pami sakola, margi tebih," saur Elis,31, ka Warta Sunda.

Kuwu Cinangsi, Amat Suparmat, dikonfirmasi ku wartawan, ngabenerkeun yen salila ieu aya sabagian wargana anu can pindah ka lokasi translok, alesan nu dumasar yen lokasi eta can aya sarana pendidikan.(fitriyani)

Leave a Reply

Labels

 
Warta Sunda © 2011 DheTemplate.com & Main Blogger. Supported by Makeityourring Diamond Engagement Rings

You can add link or short description here